SANGGAR SENI TEATER LENTERA UNIVERSITAS DJUANDA MEMPERSEMBAHKAN NASKAH SIKABAYAN KARYA UTUY TATANG SONTANI SADURAN IYANGDOTKOM ABAH : NYAI… NYAI ITEUNG! ITEUNG : KAH.. AYA NAON BAH? ABAH : TUH TINGALI SALAKI MANEH! REK KITU WAE? NGAN MOLOR WEH JEUNG MOLOR UNGGAL REK DIAJAK KA SAWAH TEH! GEUS BIJIL PANON POE IEU TEH, ITEUNG! SAPOPOE AING NUNGGUAN MANEHNA DI SAWAH KAMARI, TEU… DATANG-DATANG! EH.. MEUNANG BEJA TI SI LEBE, MANEHNA TEH NGAN SAUKUR MALAWEUNG LUHUREUN BATU GIGIREUN WAHANGAN, ITEUNG. ASTAGFIRULLAHALADZIM… KUMAHA TEU AMEUK ABAH TEH ITEUNG, MUN KIEU CARANA MAH, RUGI ABAH NGAWINKEUN SI ETA KA MANEH!! ABAH NGAWINKEUN SI ETA KA MANEH, SUPAYA AYA ANU NGABANTUAN ABAH DI SAWAH, LAINA MARABAN SI ETA BARI JEUNG EWEUH GAWE NA. ITEUNG : SABAR BAH SABAR, NYA ATOS ATUH, BAH. KU ITEUNG GUGAHKEUN NYA SI AKANG NA. ...